B. Daerah

Pertanyaan

25. Istilah Tatakrama basa Sunda hasil tina ……….. a. Sawala c. Diskusi b. Kongres d. Injeuman 26. Basa nu dipake ka babaturan nu geus wawuh/ kenal lila disebut……… a. Basa kasar c. Basa loma b. Basa sedeng d. Basa hormat 27. Basa anu dipake kunu keur ngambek, pasea, jeung keur ka sato disebut ….. a. Basa kasar c. Basa loma b. Basa sedeng d. Basa hormat 28. Bareto saacan merdeka ragam basa teh dipake pikeun ngabedakan…….. a. Budaya c. Status sosial b. Agama d. Adat-istiadat 29. Basa anu dipake pikeun silih hormat disebut ………………. a. Basa kasar c. Basa loma b. Basa sedeng d. Basa hormat

1 Jawaban

  • Tatakrama Basa Sunda nyaeta aturan ngeunaan ragam basa nu aya dina basa Sunda. Eta aturan teh baheula mah disebutna Undak usuk Basa Sunda. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.  

    Pembahasan

    Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu dijentrekeun jawabanana:

    25. Istilah Tatakrama basa Sunda hasil tina (b.) Kongres  

    26. Basa nu dipake ka babaturan nu geus wawuh/ kenal lila disebut (c.) Basa loma  

    27. Basa anu dipake kunu keur ngambek, pasea, jeung keur ka sato disebut (a.) Basa kasar

    28. Bareto saacan merdeka ragam basa teh dipake pikeun ngabedakan (c.) Status sosial

    29. Basa anu dipake pikeun silih hormat disebut (d.) Basa hormat

    Tujuan ayana ragam basa dina basa Sunda teh kiwari mah lain pikeun ngabeda-bedakeun status sosial, tapi pikeun ngahormat ka kolot jeung ngajenan ka sasama atawa ka anu sahandapeun. Dina basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa hormat / lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Tapi kiwari dina basa Sunda ngan aya dua ragam basa.  

    Dumasar kana sajarahna, ayana ragam basa dina basa Sunda teh kusabab ayana pangaruh tina basa Jawa, nyaeta waktu sabagean daerah Sunda aya dina kakuasaan karajaan Mataram Islam. Daerah Banten henteu kungsi aya dina kakuasaan karajaan Mataram Islam, akibatna di daerah Banten mah henteu pati mikawanoh kana ragam basa. Kukituna basa Sunda nu aya di daerah Banten sok dianggap rada kasar, padahal sabenerna basa Sunda Banten anu leuwih "asli" mah.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Tatakrama basa Sunda, undak usuk basa Sunda

Pertanyaan Lainnya