sabada basmalah jeung ngucapkeun salam,naon anu pangheulana di ucapkeun kubu biantara teh?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Sabada basmalah jeung ngucapkeun salam, anu pangheulana di ucapkeun ku anu biantara nyaeta nyaeta macakeun pangbagea anu diteruskeun ku bubuka. Kalimah pangbagea nyaeta kalimah saperti "Ibu sareng bapa guru anu ku simkuring dipikahormat, oge rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta".
Sedengkeun kalimah nua aya dina bubuka nyaeta saperti "Puji sareng sukur mangga urang sanggakeun ka Allah SWT, oge shalawat sareng salam mugi ngocor ka jungjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAW. Ibu/bapa guru sareng rerencangan sadayana, langkung ti payun simkuring peryogi ngauningakeun wirehna...." jst.
Anu dimaksud ngucapkeun basmalah dina biantara teh nyaeta ngucapkeun "bismillahirrahmanirrahim". Sedengkeun ngucapkeun salam nyeta ngucapkeun "assalamualaikum wr wb". Eta dua kekecapan atawa kalimah teh dina biantara disebutna salam bubuka.
Kata Kunci : Biantara, salam bubuka, pangbagea, bubuka